1001 NASCAR Facts: Cars, Tracks, Milestones, Personalities

1001 NASCAR Facts: Cars, Tracks, Milestones, Personalities

Bahasa lain Sekolah Dasar mencari biografi tokoh bahasa sunda beserta gambar seseorang



tolong bantu aku kak tar aku kasih mahkotanya kak​

mencari biografi tokoh bahasa sunda beserta gambar seseorang



tolong bantu aku kak tar aku kasih mahkotanya kak​

Jawaban:

ALDA RIZMA ELFARIANI, LAHIR DI Bogor, 23 Nopémber 1982. putra cikal ti dalapan sadulur, ti pasangan Pa Farid Riza sareng Ibu Halimah. Saméméh umur 17 taun, karir Alda dina dunia musik geus melesat sakaligus kawas météor.

Lagu Aku Tak Biasa (1998) bisa kajual tepi ka 200 rébu kasét tur ngahasilkeun kauntungan milyaran rupia. Teu matak anéh upama ieu béntang penyanyi anyar téh indit ka mana-mana sok naék BMW, sarta nyicingan imah agréng nu hargana ratusan juta di komplék Perumahan Bogor Danau Raya Blok C3 No. 1 Bogor.

Ku lagu Aku Tak Biasa téa, Alda meunang panghargaan Penyanyi Pop Terbaik dina acara Anugerah Musik Indonésia (AMI) taun 1998, ngéléhkeun sababaraha urang penyanyi nu leuwih senior kayaning Krisdayanti jeung Ruth Sahanaya.

Jalan anu disorang ku Alda dina ngahontal karirna, mémang kawas dongénh. Caritana dina bulan April 1997, alda kaparengkeun lalajo pagelaran Code Red di Inggris ti Inggris di Hard Rock Cafe, Jakarta. Harita duka kumaha Alda bet ditawaran ka panggung pikeun nyanyi jeung éta kelompok musik.

Lulus tés, Alda tuluy ngahariringkeun lagu We Can Make It nu dirilis dina taun éta kénéh. Alda tuluy ngagabung jeung Balckboard. Ti dieu pisan mimitina robahna hirup Alda téh. Ku Blackboard Alda dibéré lagu Aku Tak Biasa ciptaan Rudi Loho, anu kabeneran cocok pisan jeung karakter vokalna

[answer.2.content]